Banjarnagara
Banjar nyésakeun tineung
Nagara keueung
.
Geus tunggang gunung
Masih ngulinkeun gandrung
Mulang ditundung
Masih ngulinkeun gandrung
Mulang ditundung
.
Di leuwi
kréatif
Pangarang ngojayken idé
Lup lep pucunghul
Pangarang ngojayken idé
Lup lep pucunghul
·
Kebat
jorélat
Ngembat mapay duriat
Keukeuh tibelat
Ngembat mapay duriat
Keukeuh tibelat
Nagara
runtag
Kaurugan sarakah
Ra'yat tahlilan
Kaurugan sarakah
Ra'yat tahlilan
Néangan
enya
Dina éntépan batu
Ngamalir duka
Dina éntépan batu
Ngamalir duka
.
Di gunung
Padang
Cenah mapaykeun wanci
Duka téh teuing
Cenah mapaykeun wanci
Duka téh teuing
Lamun
Andika
Rék ngagunasika
Kuring layanna
Rék ngagunasika
Kuring layanna
.
Nandonkeun
ajén
Lalaki Padjadjaran
Tanjeur jajatén
.Lalaki Padjadjaran
Tanjeur jajatén
Papatong eunteup
Dina régang talimbeng
Aya salira
..
Kapéngpéongan
Ku enyay duriat maya
Leuwih kasiksa
..
Ukur sorangan
Ulin batin kasugan
harepan, biheung
.
Jalu perlaya
Ditilas ku lamunan
Teu walakaya
.
Jajatén Ukur
Getih pangkur ngagedur
Sunda sing punjul
.
Kembang laligar
Di sisimpangan jalan
Umur ngiceupan
.
Layar belewuk
Urang jadi kalangkang
Éra jeung wirang
No comments:
Post a Comment