Srangenge nu meletek
Ngukir siluet
Totonden kahirupan
Gibrigkeun awak
Suku leungeun diajak
Tegal mayakpak
Situ ngagenclang
Runggunuk pasir gunung
Ngembat walungan
Lir nyayagian
Nu bela jeung rumawat
Naon deui kakurang ?
Keur nu sarakah
Kakayon digaradah
Ngahudang caah
No comments:
Post a Comment